Kabar Gembira Buat kamu yang ga sengaja kunjungi Blog ini !!!

jarang-jarang kamu bisa nemuin Harga SOUVENIR se Murah ini..

karena ini kami buat sengaja buat kamu yang ga sengaja berkunjung ke Blog kami dengan ulasan kami selain dari ulasan souvenir

Nah buat kamu yang tertarik dengan Harga-harga souvenir kami, bisa langsung hubungi whatsapp kami di 081296650889 atau 081382658900

caranya screenshoot atau sertakan link url souvenir yang kamu minati pada blog ini, kirimkan kepada kami di nomer yang sudah tertera dia atas

tanpa screenshoot atau link blog kami, kemungkinan kami akan memberikan harga jual yang ada pada toko kami yang cenderung lebih tinggi tentunya

Tampilkan postingan dengan label kata bahasa sunda. Tampilkan semua postingan

Selasa, 26 Maret 2019

Kumpulan Sajak Sunda Terbaru Dan Terlengkap 2018

kumpulan sajak sunda terbaru dan terlengkap , bersajak merupakan seni dalam mengolah kata , ku orang nu pinter sajak mah cinta ge seakan pinuh ku kata romantis, ah pokonamah yummy lamun urang pinter sajak , maksadnamah praktis nyieun hate awewe berbunga bunga hihi, sajak dinu artikel ieu mencakup sajak perihal kaendahan alam , pepeling hirup , hujan , cinta , sajang sunda perihal indung jeung sajabana, oge enya sajak ieu cocok di jieun caption kanggo status dina facebook / fb atau instagram atau ig , sajak ieu karya : @galura_rasa

baiklah eksklusif wae disimak nya :

Sing kiat geulis, prak gera balaka naon nu aya dina jero dada. Ulah dugikeun nutupan rasa, kedalkeun ku salira, caturkeun ulah duginka nyesa

Mun anjeun percaya kana papasten Gusti, rupina moal dugika ngajak paturay, nu matak nyieun panon cireumbay - RNK

Mun anjeun percanten kana gurat takdir, rupina moal patos beurat nandangan lara nu unggal usik moekan urang duaan - RNK

Geulis, sing tiasa nampi kanyeri, nu unggal usik tiba ti ieu diri,mugi asih urang lana dugi dongkapna pati, awet walagri saumur bumi -RNK

Geulis, mugia sabar janten ubar, lapang dada mulas unggal ngahelas, hapunten tina samudaya kalepatan salami ngalakonan sagara urang duaan - RNK

Katumbiri mere ciri ku warni, langit seungit ku wanci, sagara mere beja ku galura rasa ¤ Aikusumah Ciamis

. Dahaga rasa nu kungsi werat, lapar katresna nu ngalaman pegat, kiwari ngabukti ku prihatin faktual dina sugema¤

Mangga Jungjunan, najan haté teu narima, najan nyaah mepekan rasa, da puguh kieu kuduna, Bagja dipungkas tunggara.

Rumasa jungjunan, muwuh diri sarwa basajan, mitresna teu ngukur jajaran, lir miharep kalangkang bulan.

Kunaon salira teu tuhu, kana jangji nu kaucap saéstu. Kapahung tresna baheula, nu ceuk Anjeun mawa tunggara.

Teu sangka Jungjunan, gening rasa nu tumetep maskét, ayeuna bet diwewejét. Bersihna ati miasih bet dirorocét, bagja kamari ilang teu dirérét

Sadrah dina galura cinta Salira, seja mitresna saparat mangsa.

Teu karaos Jungjunan, kebekna rasa nu bumetah dina dada ngalantarankeun sukma ilang kawasana

Haturan Jungjunan,gening lalakon téh geus sakieu jauhna.Ngembi ganjal mangsa nu dipapaés kacinta.Malipir mapay wanci nu pinuh ka asih.

Basa gumuruh dram ngendag-ngendag saban léngkah, mangpirang-pirang rumaja témbong kukuna ranggéténg, témbong sihungna nyanggéréng,

Laju mangpirang-pirang rumaja ngageremkeun sabda dajal ka dunya nu nganaraka. Sihung anjeun sihung dajal ngincer saban wening batin.

Aya tapak, aya lacak, nu kiwari kari nineungna. Aya kaasih nu pegat jeung beubeulahan hate. Nu remen tiba maturan dina lamunan.

Nganteur lamunan mapayan tapak nu geus kaliwat. Amis-amis na hirup geus kasorang, pait peuheur lalakon geus liwat di pilampah

Bagéa panutan,bener ceuk béja cenah jodo mah moal kamana. Kabuktian gening ayeuna, nyaah mah teu ingkah najan harita pareng papisah.

Peuting ieu Nung, laksana urang tepang deui. Nyarita sagala nu tumiba bari suka seuri, nyinglar sono nu geus lawas disideum na ati.

Peuting ieu Nung, cahya bulan deui némbongan. Bijil semu éra disatukangeun méga. Cigah nu méré harepan yén katresna bakal tinekanan

Lila urang kudu paanggang, dibarengan ukur ku kalangkang. Nu karasa gé ukur tapak cidra jeung rasa nyaah nu hésé pikeun leungitna.
Lawas urang pipisahan, dipaksa megatkeun duriat alatan ku teu sajalan. Ngaliwatan rebuan carita, mapay mangsa nu jauh ti bagja

Cing sabar jungjunan Akang, ulah melang ulah honcewang. Hiji waktu guratan nu bakal midang, midangkeun bungah pangbeberah rasa hariwang.

Hampura akang can mampu balaka, meureun manah nu tacan sugema. Keun urang nganti waktos anu waluya, pikeun urang duaan midangkeun rasa.

Najan gogoda teu weleh natrat, akang teu niat meunggaskeun duriat. Sabab antara urang teu aya nu lepat, Akang mah mah tetep tibelat.

Geulis, nu ngancik dina ati. Akang moal arek sulaya jangji. Najan wanci nu tiba acan pasti, tapi deudeuh bakal tetep maneuh nepika pati.

Deudeuh teuing Panutan, gening mayapada mah samar katinggalna. Pangharepan ukur tiasa palid dina haléongna gelik suling nu nyuatan ati.

Jeung deuih, tong ngarasa aral subaha nalika nandangan kapeurih diri. Margi Insha Allah dijauhna, bakal aya kabagjaan nu nganti nganti.

Ulah sotéh aya cimata nalika kedal ucap pileuleuyan, sabab masih panjang lalakon di kahirupan .

Heug jungjunan, bral gera miang ! Gera papag balebat pangharepan ku imut nu marahmay.

Panggeuing di reka impian,basa tresna mulas lamunan.Galura pangharepan
mimiti ngajauhan. Gera sadar jungjunan, Gera cengkat tina lamunan

Hate kahieuman parende, ngebatna harepan gening ukur mepende. Kalangkang asih nu paantay antay,
teu ngajirim ngan samet gugupay.

kiwari tresna geus kari bangkarak, perlaya ku reka pangwakca. kiwari geus kieu buktina, sakabeh jangji ukur dipungkas ku sulaya.

Sakeclak sakeclak ibun cimata murag kana lahunan. Naha bet kieu ? Hiji hiji harepan ngajauhan, mancal ka alak paul nu hamo bakal kadongkang.

Nunggeulis na tepis wanci, diparende ukur ku simpe. Ngarampa leuwangna rasa.
Kasedih jeung kaasih,kasono jeung kapeurih minuhan rohang hate.

Diri bakal tetep nganti, manjangkeun asih nu bihari.
Nyambungkeun tali katresna, pikeun
Naratas jalan kabagja.

nyengcelang nyaangan ti ka anggangan, teu kasilih ku poekna peuting. nambih nambih rasa asih, sok sanaos keur patebih.

Haturan wilujeng wengi Panutan. Najan bulan teu katémbong mapaésan, tapi raray salira ngahias marengan béntang.

Katumbiri di langit Jayanti siga nu surti. Aya nu ngancik na ati sanubari, nu pasrah jeung sumerah, mawa guligah namperkeun kabungah.

Sabot reureuh di sisi basisir, raga ngoléang asa honcéwang. Guligahna ombak nu motah, ngaléndéan kanu implengan.

Sabot reureuh di sisi basisir, basisir maritim jayanti, asri. Katémbong katumbiri warna-warni, melengkung asa nutug jajantung.

hujan binarung guludug, nyipta gumuruh dina kalbu. nu satia migandrung, tresna gumulung.

Peuting ieu, katineung urang ngalalakon dina implengan. Imut salira mepeka dina mangsa emutan ngalayang nganjang.

Hujan, lir ngajadi guligah rasa. nu teu kabendung muguranna. dina unggal keclakna, aya rasa nu sawirahma.

Urang gigihkeun tali nu agung ku harti, urang asakkeun tali nu weruh ku ajén, tali silaturahmi.

Hampura akang, Nung. Lain rék nyapirakeun luhungna cinta katukang. Da gening lalampahan urang katungtung waktu.

Kiwari anjeun gugupay ngumbar katineung, ngéntép deudeuh nyulam katresna. Ngintun eunteung paniir wanci, ngagudir ati ngendagkeun rasa.

Najan ukur saliwat, tapi ning sukma ngaraos tibelat. Najan ukur sarérét, gening sukma téh geus pacantél.

Tresna jeung cinta téh gening lain banding lain baya. Sabab cinta leuwih ti cinta, sabab deudeuh leuwih ti deudeuh.

Nung, jungjunan. Aya rasa ngamuara, nu hamo kabeuli ku banda sajagat. Rasa nu cadu tilem najan ka keueum jerona sagara.

Haté nu kamari keur guligah ku kabungah, kiwari ripuh ku sagara bangbaluh. Teu jauh jeung samagaha, nu poék mongkleng kacida.

Cinta téh éndah, sok sanajan kuring jeung anjeun mung ukur tumpak sapédah .. Tapi sakapeung matak nyeri haté, mun éta sapédah pegat ranté .

Hayangmah ulah paturay, dapat bagja waluya sapaneja. Dipika asih kunu Maha Asih, dapat patepung lawung patepang panganténan

Rasa hariwang jeung salempang, ngalanglang dina panyawang. Melang hamo panggih deui, nyaah pindah ka lain ati

Abdi yakin alam kabéh papasangan, bada nyorang peteng hideung mangsa beurang niscaya tiba mawa caang. Padang narawangan, mugia.

Meureun diri kurang sumerah, sumujud kurang raket ka Salira. Tamada, pasrah, sumerah Gusti.

Bada nanjak niscaya mudun, bada susah niscaya pinanggih jeung bungah. Rumaos gusti, abdi rumaos. Hirup téh mung ukur diharudum ku napsu.

Duh, puguh gé lalakon dunya, geulis. Antara léngkah jeung karep sakapeung kapan sok tara saimbang sarua.

Kanggo naon gusti, abdi kedah gumelar ka ieu dunya, lamun bagja lain hancengan pikeun kuring, cenah

Karep léngkahna dina pateuh, nyasar lampah asa angger dina salah. Haténa asa mindeng jumerit lumengis tumanya dina rasa anu aral.

Tinimbang ieu diri kedah rajét disasaak ku kanalangsa, teu kiat Geulis, akang teu kiat. Ceuk gerentesna.

Karepna, lamun wasa dapat diwenangkeun ku meunang, asa mending kénéh ditelasan pati, Geulis.

Basa longkéwang ngadeukeutan leuwang. Cisoca hiji jajaka nyalangkrung dina tétélarna kawaas.

Bongan rasa keur rumasa halabhab hanaang butuh ku cai kanyaah.
Sugan cinta teu nogencang masih berpengaruh ajeg teu ambon sorangan

Gera teuneung gera ludeung, gera nyoara cing perténtang. Anjeun mah lain bagejid, jalu. | Sunda Tandang - Kang Yayat Hendayana

baiklah itulah kumpulan sajak bahasa sunda yang berhasil mimin rangkum dari akun twitter kang galuh rasa, semoga bermanfaat

Selasa, 26 Februari 2019